Skip to content

Kasang Tukang

NGADEGNA MAJELIS MUSYAWARAH SUNDA 
  1. Masarakat Sunda salaku salah sahiji sekeseler utama dina sajarah Nusantara jeung wangunan Nagara Republik Indonesia mangrupakeun pilar penting  ajegna persatuan nasional dumasar nilai bhineka tunggal ika.
  2. Tisaprak perjuangan kamerdekaan jeung sanggeus Nagara Republik Indonesia merdeka rek ngalengkah ka sapuluh windu, can aya wadah musyawarah kamasyarakatan jeung kabudayaan nu bisa jadi mandala pikeun ngajawab kaprihatinan jeung ngaheuyeuk potensi urang sunda akhirna bisa nanjeurkeun marwah ki sunda ka jero jeung sacara nasional. 
  3. Ki Sunda salaku seler utama di Nagara Indonesia geus sakuduna ngarawat, ngembangkeun jeung ngawariskeun sagala potensi Sunda keur ngamajukeun lemah cai, bangsa jeung negara. Saéstuna sagala hal anu aya patula-patalina sareng Sunda,  kedah janten tanggel waler urang Sunda. 
  4. Sangkan sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan, sabata sarimbagan, dina ngaraksa – ngariksa Sunda tur hurip hirupna ki sunda, anu ngawengku rahayat, sarakan sareng budayana, diperyogikeun hiji wadah musyawarah diantawis urang Sunda.
  5. Jalaran pasu’alan-pasu’alan Sunda, moal laas ku usum, ku kituna diperyogikeun “kalembagaan” anu tiasa ngalaksanakeun kagiatan kalayan maneuh, anu salajengna disebat Majelis Musyawarah Sunda.
  6. Majelis Musyawarah Sunda, mangrupi forum atanapi  wadah  tempat ngariungna urang Sunda sareng organisasi kasundaan pikeun ngamusyawarahkeun sagala hal anu dianggap penting  pikeun hirup huripna  Sunda sareng kajayaan bangsa 
  7. Majelis Musyawarah Sunda, diharepkeun tiasa janten “gunung pananggeuhan” urang Sunda dina ngayonan sagala pasu’alan kasundaan, kabangsaan jeung kanagaraan. 
  8. Majelis Musyawarah Sunda diwengku ku “Déwan Gawé”,  “Pinisepuh”, sareng “Déwan Pakar”.  
  9. Musyawarah Sunda, dilaksanakeun sakirang-kirangna sataun sakali atanapi gumantung kana ayana masalah anu kedah dimusyawarahkeun. 
  10. Musyawarah Sunda diiluan ku Pinisepuh, Déwan Pakar, organisasi kasundaan sareng tiasa ogé ku masyarakat umum.  
  11. Hal-hal anu sipatna khusus atanapi ngadadak, dimusyawarahkeun diantawis pinisepuh. 
  12. Majelis Musyawarah Sunda didasaran ku Pancasila sareng NKRI 
  13. Majelis Masyarakat Sunda dina ngalaksanakeun kagiatan sareng putusan-putusanna sifatna mandiri henteu biluk ka Partey Pulitik mana oge.

Suluk (Moto) Majelis Masyawarah Sunda : 

“Sunda Mulia Nusantara Jaya”