I. MAJELIS MUSYAWARAH SUNDA
- Majelis Musyawarah Sunda didasaran ku Pancasila sareng NKRI;
- Majelis Musyawarah Sunda (MMS) sanés mangrupikeun organisasi, tapi “forum” atanapi wadah tempat ngariungna urang Sunda sareng organisasi kasundaan pikeun ngamusyawarahkeun sagala hal anu dianggap penting pikeun hirup huripna Sunda sareng kajayaan bangsa ;
- MMS diwengku ku :“Pinisepuh”, “Déwan Pakar”, “Déwan Gawé”;
- MMS henteu mibanda “lembaga” sanés sahandapeunna;
- MMS henteu ngalaksanakeun kagiatan anu sipatna praktis;
- Musyawarah Sunda diiluan ku Pinisepuh, Déwan Pakar, organisasi kasundaan sareng (tiasa ogé) ku masyarakat umum.
- Musyawarah Sunda, dilaksanakeun sakirang-kirangna sataun sakali atanapi gumantung kana ayana masalah anu kedah dimusyawarahkeun.
- Hal-hal anu sipatna khusus atanapi ngadadak, dimusyawarahkeun diantawis pinisepuh.
- “Mung” hasil tina Musyawarah anu mangrupikeun kamandang/sikep resmi MMS;
- Henteu aya “lembaga” sanés atanapi ”perorangan” anu tiasa nga “atas namikeun” (MMS) dina ngadugikeun kamandangna.
- MMS dina ngalaksanakeun kagiatan sareng putusan-putusanna sifatna mandiri henteu biluk ka Partéy Pulitik mana waé.
II. PINISEPUH
- Pinisepuh nyaeta tokoh-tokoh Sunda anu dianggap:
- parantos masagi luyu sareng widang pangabdianna
- nembongkeun kanyaah sareng bakti nyata ka Sunda;
- Parantos réngsé “pikeun” dirina sorangan d. Séhat sareng nyerat kasadiaan.
- Anggota pinisepuh diharapkeun tiasa ngawakilan unsur-unsur Eks. Birokrat, Purnawirawan TNI, Polri, Cendikiawan, Budayawan, dunya usaha sareng anu ngfagambarkeun “Katerwakilan” ti wilayah Jabar (kalebet Cirebon), DKI oge Banten.
- Pikeun ngokolakeun sareng ngawakilan/wawakil resmi MMS, pinisepuh tiasa ngadamel “Pamangku” (Presidium) anu jumlahna 13 jalmi.
- Pamangku dipilih ku pinisepuh diantawis para pinisepuh;
- Lamina mangsa gawe pamangku pinisepuh nyaéta dua taun. Pupuhu pamangku pinisepuh digilir tiap opat sasih sakali.
- Tugas pinisepuh:
- Ngalaksanakeun Musyawarah Taunan,
- Ngayakeun gempungan 4 sasihan atanapi saupami aya masalah
- Netepkeun “pamangku” pikeun janten wawakil resmi MMS
- Netepkeun anggota Déwan Pakar sareng Déwan Gawé
III. DEWAN PAKAR SARENG DEWAN GAWE
3.1. Déwan Pakar
- Déwan pakar, nyaéta kempelan jalmi-jalmi anu mibanda “kapakaran” luyu sareng widang élmuna.
- Déwan Pakar dikelompokkeun luyu sareng widang kaahlianna
- Tugas Déwan Pakar nyaéta nyiapkeun bahan-bahan pikeun musyawarah.
- Dina nyiapkeun bahan-bahan musyawarah, Déwan Pakar tiasa ngalaksankeun gempungan ku anjeun.
3.2. Déwan Gawé
- Déwan gawé, nyaéta tim anu ngarojong sagala kagiatan Déwan Pinisepuh, Déwan Pakar sareng kagiatan musyawarah;
- Déwan Gawé dipingpin ku pupuhu, girang serat sareng panata harta.
IV. WARAGAD
Waragad pikeun ngalaksanakeun sadaya kagiatan MMS, dikempelkeun tina sumbangan sareng bantosan anu henteu “ngiket” sareng mangaruhan kana hasil Musyawarah