Dinten Ahad, ping 15 Juni 2025, Majelis Musyawarah Sunda (MMS) ngayakeun kagiatan Ngopi Pasosore di Bale-M Café, Jl. Arcamanik Endah 74.
.
Kagiatan ieu dihadiran ku para pinisepuh, Badan Pagawe, jeung anggota MMS, minangka ruang silaturahmi tur rembugan pikeun nambah jembar wawasan jeung mastikeun arah lampah MMS ka hareup.
.
Rembugan lumangsung dina kaayaan nu hangat, tapi jembar ku kahadean. Sawatara nu hadir medalkeun pamadegan yén MMS kedah laun-laun ngirangan kariweuhan dina WAG, sarta langkung fokus kana program-program anu nyata tur karasa ku balarea.
.
Pinisepuh MMS, Bapa Dr. Ernawan Natasaputra ngedalkeun, “MMS kudu enggal nyieun program nyata anu écés tur aya ukuranana.”
.
Saterasna, Pinisepuh Hendi K. Gurnita ogé ngélingan yén, “Rembugan langsung sapertos kieu leuwih merenah pikeun ngagero kana hiji pamanggih, tinimbang saukur debat dina layar.”
.
Ketua Badan Pagawe MMS, Bapa Andri P. Kantaprawira, nganyatakeun nuhun ka sakumna nu parantos maparin pamadegan tur kasanggupan pikeun ngaronjatkeun rupa-rupa gagasan.
.
Anjeunna ogé jangji badé matengkeun program-program strategis pikeun nyanghareupan milangkala kahiji MMS dina bulan Oktober 2025 engké.
.
.
Foto: Bu Tini dan Kang Asep Ruslan