Skip to content

Nagara atawa pamarentahan, salila ieu sasat usikna ku hirup kumbuh masyarakatna sorangan, teu pati loba ku ketakna para pamingpin atawa inohong birokrasi, tapi lolobana arusikna ku kahirupan kahirupan komunitas saperti paguyuban, kawargian jrrd, kaasup Majelis Musyawarah Sunda, anu karek tandang ngajomantara, matak hookkeun anu teu apal.

Sabenerna mah lengkah lengkah kana niat ngajanggelekkeun tur ngajengglengkeun MMS teh geus cukup lila, aya kana lima taunan leuwih, mun diitung tina gempungan Forum Sunda ngahiji. Malah tina ririungan samemehna mah, ti mimiti di Gedong Merdeka, di Perpustakaan Ayip Rosidi Jln. Garut, geus leuwih ti sapuluh taun, Alhamdullillah bisa ngajungkiring, ku deklarasi di Gedong Sate, tuluy dipaheutkeun di Aula UNPAD jalan Dipati Ukur.

Malah harita teh aya kasepuhan nu heureuy ka sim kuring, kieu: “..kade yi.. MMS tong siga jadi laatste trein…” dina hirup tur huripna Ki Sunda. Ceuk kuring: “… Insyaa Allooh.. moal Kang, upami aya nu emutan kitu, ceuk Sodara Tua mah (si Jepun) wakarimasen…. hehe..

Kunaon MMS kedah jadi GUNUNG PANANGGEUHAN, geus leuwih ti 79 taun, ti mimiti 17 Agustus 1945, Bangsa Indonesia merdeka, jeung ngaleupaskeun diri tina Kolonialisme, tur penjajahan nu ngekeyek. Dina proses ngeusian kamerdekaan, sagala rupa kajadian nu heroik tur romantik, malah kadangkala kudu banjir getih keur ngawangun identitas ka Indonesiaan, geus kacatet dina buku sajarah bangsa, dina hal eta Suku Bangsa SUNDA kacatet di jerona ku mangsi emas.

Tapi kamajuan 79 taun teh, teu sabanding jeung nu geus dikeupeul tur diudag ku bangsa sejen, dina umur kamerdekaan atawa nu miboga potensi sarua. Di widang ekonomi, pendapatan perkapita Indonesia, sok aya wae di urutan handap, ngan saluhureun ti nagara-nagara miskin di Afrika. Komo deui lamun dibandingkeun jeung nagara-nagara, nu merdekana sanggeus proklamasi nagara urang taun 1945, saperti Malaysia, Taiwan, Korea Selatan, Aljazair, jrrd.

Sok komo deui ayeuna nu disebut kudu ngiluan banjir globalisasi, nu dideudeul tohaga ku neo kapitalisme sarta neo liberalisme, bangsa urang ampir ampiran teu boga deui cecekelan ideologi sarta identitas kabangsaan, dimana seni, budaya, hukum, politik, ekonomi, pendidikan bangsa tuluy kagerus, kabawa palid ku kajahatan teknologi jeung materialistis. Bangsa urang ngan sakadar jadi pasar tina product multinational corporation, pan ayeuna jelas karasa pisan, bangsa urang geus jadi bangsa nu katagihan sarta kabeulit ku hutang, akhirna martabat bangsa henteu jadi matak reueus.

Ningali kondisi kitu, bisa henteu urang salaku Bangsa Sunda, ngalakukeun introspeksi salaku suku bangsa panggedena kadua, dina hal integritas diri, boga tanggung jawab keur pikahareupeun nasib bangsa. Bangsa Sunda, ngaliwatan MMS, tur para pakarna seueur nu manggulang mangguling, diambeuan ku tokoh-tokoh dunya, neangan solusi keur persoalan peradaban bangsa, anu keur nyorang krisis multi dimensi.

Para inohong, pakar, kasepuhan MAJELIS MUSYAWARAH SUNDA (MMS), sing teuneung, tandang tur leber wawanen, boga kawani nyebutkeun jeung ngamalkeun sarta nyaliarakeun ka masyarakat, ageman hirup, SILIH ASAH – SILIH ASIH – SILIH ASUH, nu bakal ngabentuk karakter bangsa CAGEUR, BAGEUR, BENER, PINTER, SINGER tur WANTER, lengkah hirup nu paling gumuleng. Tembongkeun ka balarea, yen ketak sarta lengkah lengkah MMS kahareup, ti mimiti lelengkah halu tepi ka leumpang tandang, bakal bisa ngawujudkeun:

  1. Sunda punjul dina ngolah nagara.
  2. Sunda punjul ngokolakeun ekonomi rakyat  (lain kerakyatan)
  3. Sunda punjul dina widang uger uger budaya.
  4. Sunda punjul dina ngolah lingkungan hirup.
  5. Sunda Luhung dina widang atikan.

Lamun aya nu nyeungseurikeun kana udagan urang, keun wae teu kudu didenge, teu kudu nyeri hate, biasa dina hirup kumbuh organisasi mah, ceuk Meneer Olanda mah In nood leert men zijn vrienden kennen, sok loba nu gering pikir, mun nempo batur maju.

Bangsa Sunda, via MMS, nu boga keneh nurani kapadulian, kana lumangsungna kahirupan Bangsa Indonesia, hayu urang salametkeun, Ki Sunda boga energi masa lalu sejarah Sunda bihari, keur tanaga ngaropea evaluasi, bari teu kudu ngagogoreng, kukulutus sarta murukusunu, tapi hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, atuda getih Sunda mah, prinsipna mungguh bangsa anu hurip, ngawangun teh pikeun mangsa pikahareupeun, keur saha atuh, keur anak, incu tur buyut urang, oge keur rahayat.

Cag.

Diropea ku: Ernawan S Koesoemaatmadja (Pinisepuh Pamangku Sunda)